Favorite Views

Soal US Bahasa Sunda Kelas 6/2020-2021

 

LEMBAR SOAL

 

I.        Pilihlah huruf A, B, C, atau D di depan jawaban yang dianggap paling benar!

 

1.    Titénankawih di handapieu!

 

Cinta Nusa

 

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam éndah héjo ngémploh sugih mukti

Subur tutuwuhan

Beunghar pepelakan

……..

Lemah cai

 

Lengkapkeun kawih diluhur ieu….

 

A.    Daun hejo ngemploh karaharjaan

B.    Daun hejo ngemplor karaharjaan

C.    Daun hejo ngemploh karajaan

D.    Daun hejo ngemplor karajaan

 

2.    Karét geulang digunakeun keur kaulinan sapintrong.

Kaulinan di luhur lamun diobah kana kalimah aktif nyaéta…

A.    Karét geulang digunakeun sapintrong keur kaulinan.

B.    Keur kaulinan sapintrong digunakeun karét geulang.

C.    Sapintrong digunakeun keur kaulinan karét geulang.

D.    Kaulinan sapintrong ngagunakeun karét geulang.

 

3.    Jalan swadaya no 5 bekasi

Cara nuliskalimah anu luyu jeung éjaannu bener nyaéta …

A.    jalan Swadaya No. 5 kelurahan Mustikasari Kota Bekasi.

B.    Jalan Swadaya No. 5, Kelurahan Mustikasari kota Bekasi.

C.    jalan Swadaya No. 5 Kelurahan Mustikasari Bekasi.

D.    Jalan Swadaya No. 5, Kelurahan Mustikasari Kota Bekasi.

4. Baca petuduh di handap ieu!

1. sampeu nu geus diawuran ragi, ditutup ku daun cau nepi ka rapet, tunggu tilu poé.

2. sampeu nu diseupan asak, angkat kana baskom anu ditilaman ku daun cau.

3. pesék sampeu, kerik, potong, kumbah nepi ka beresih.

4. geus tiis sampeuna, tuluy awuran ku ragi nu lembut nepi ka rata.

5. siapkeunsééng (dandang), seupan sampeu nepi ka asak urang leuwih 25 menit.

Susuancara nyieun peuyeum sampeu nu bener, nyaéta ….

A.  5 – 3 – 1 – 4 – 2

B.  5 – 4 – 3 – 2 – 1

C.  3 – 2 – 5 – 4 – 1

D.  3 – 5 – 2 – 4 – 1

 

5.    Para ibu-ibu RT 02 di dapur nuju ngadamel ketupat kanggo lebaran.

Susunan kalimah anu luyu jeung éjaan anu bener nyaéta ….

 

 

A.    Ibu RT 02 di dapur nuju ngadamel ketupat kanggo lebaran.

B.    Para ibu RT 02 sakabéh di dapur nuju ngadamel ketupat kanggo lebaran.

C.    Para ibu-ibu RT 02 di dapur nuju ngadamel ketupat kanggo lebaran.

D.    Para ibu RT 02 di dapur  nuju ngadamel ketupat kanggo lebaran

 

6.    Barudak kelas VI keur maca buku di perpustakaan.

Kecap maca make rarangken (imbuhan) tengah -ar-, jadi ….

A. maca                 

B. maraca              

C. macaan              

D. maracaan

 

7.    hayu urang diajar irit kana énergi listrik.

Tanda baca nu bener keur kalimah di luhur nyaéta …

A.    Hayu, urang diajar irit kana énergi listrik!

B.    Hayu, urang diajar irit kana énergi listrik?

C.    Hayu, urang diajar irit kana énergi listrik.

D.    Hayu urang diajar irit kana énergi listrik!

 

8.    Tempe dibeuli ku Wati di warung Bu Tati.

Kalimah di luhurdiobah kana kalimahaktip, jadi ….

A.Tempe meuli Wati di warung Bu Tati

B. Wati dibeuli ku Tempe di warung Bu Tati

C. Wati dibeuli Bu Tati ku tempe di warung

D. Wati meuli tempe di warung Bu Tati.

 

Baca wawancara di handapieukeurngajawabsoalnomer 9 – 10!

Linda              : Assalamualaikum?,punteun sateu acana, mang abdi aya tugas basa Sunda tisakolaan dipiwarang ngadamel laporan wawancara ka pedagang, tiasa abdi ngawawancara mamang sakedap?

MangJojon      : Oh, tiasa neng, mangga

Linda              : Hatur nuhun mang, langsung waenya dikawitan wawancarana?

MangJojon      : Mangga, mangga neng

Linda              : Mang, dupi name mamang teh saha?

MangJojon      : Mang Jojon, neng

Linda              : Naon bae profesi mamang ayeuna teh?

MangJojon      : Tukang mi ayam wungkul neng

Linda              : Tos sabaraha taun mamang janten tukang mi ayam?

MangJojon      : Tos lami, kirang langkung tos aya 3 taun neng

Linda              : Oh. Teras, naha mamang milih janten tukang mi ayam?

MangJojon      : Margi teu aya katiasa deui neng iwal ti ngadamel mi ayam

Linda              : Sok ngawitan icalan tiwayah kumaha dugi ka wayah kumaha mamang icalan teh?

MangJojon      : Tingawitan tabuh 10 enjing enjing dugi ka tabuh 6 sonten neng, nyakumaha wae seepna

Linda              : Muhun, haturnuhun mang

MangJojon      : Sami samineng.  

 

 

 

 

9.    Watek tokoh narasumber dina téks  diluhur....

A. galak                 

B. soméah(baik)                

C. sombong            

D. males

 

10.  Tujuan Linda ngawawancara Mang Jojon nyaeta ….

A. lantaran Mang Jojon tukang mi ayam

B. dipiwarang ku Mang Jojon

C. hoyong terang bumi Mang Jojon

D. meunang tugas wawancara tisakola

 

11.  Kecap bareng ditambah rarangkén (imbuhan) ba-an, jadi .…

A.    barengan

B.    babarengan

C.    babareng

D.    barengkeun

 

Baca carpon di handappikeunngajawabsoalnomer 12-13 !

 

OTO ISKANDAR DINATA


OTO ISKANDAR DI NATA mangrupakeun
salasaurang pajoang indonesia anu teuneung ludeung nyanghareupan pamarentah Walanda. Pa OTO ISKANDAR lahir dina tanggal 31 Maret 1897, di Bojongsoang, Bandung, jawa barat.

Anjeunna meunang jujuluk ‘Si Jalak Harupat” sabab kateuneungna dina ngabela bebeneran. Anjeunna geus bajoang dina pergerakan nasional ngaliwatan lembaga resmi pamarentahanWalanda nu disebut Volksraad.

Dina salasahiji pidatona dina sidang Volksraad, Pa oto tatag pisan nyarita “yen nagara Indonesia kudu merdeka, kudu leupas tina genggeman penjajah”. Upama ayeuna urang sokngagorowokkeun pekik “Merdeka!”, eta teh asalna ti Pa otoiskandar, basa pidato dina sidang.

Dina jaman penjajahan Jepang Pa Oto iskandar terus bajoang, di antara namilu ngadegkeun Barisan Pembela Tanah air, anu ilahar sok disebut PETA.

Diadegkeunana PETA teh tayalian pikeun ngagedurkeun sumanget ka para pajuang sangkan terus bajoang ngahontal kamerdekaan. Sabada nagara urang merdeka Pa Oto milu nyusun Undang-Undang Dasar 1945.

Sanggeus pamarentahan Soekarno-Hatta nyusun kabinet anu munggaran, Pa Oto diangkat jadi Menteri Negara. Hanjakal dina taun 1945 ka tompernakeun, basa nagara urang keur harengheng, Pa otoaya nu nyulik. Layonna kapanggih geus ngambang di basisir Mauk Tangerang.

12.  Hanjakal dina taun 1945 katompernakeun, basa nagara urang keur harengheng, Pa oto aya nu nyulik. Layonna kapanggih geus ngambang di basisir Mauk Tangerang.

Harti kecap layonna dinakalimah di luhur nyaeta ….

A. bajunya             

B. kendaraannya              

C. jenazahnya         

D. tasnya

 

 

13.  Pa Oto meunang jujuluk “Si Jalak Harupat” sabab kateuneungna dina ngabela ….

A. lembaga Volksraad

B. bebeneran

C. barisan PETA

D. nu salah

 

14.  Ahmad : saha anu miceun runtah di kelas

Kalimah di luhur lamun diobah jadi kalimah  langsung  nu merenah jadi .….

A.    “Saha anu  miceun runtah di kelas!”

B.    “saha anu  miceun runtah di kelas?”

C.    “Saha anu  miceun runtah di kelas?”

D.    Saha anu  miceun runtah di kelas?

 

15.  Buuk kuring dipotong di salon mani ... pisan.

A.      lempay

B.      panjang 

C.      pondok

D.     ngagebay

 

16.  Rindik ditabeuh ku Rudi.

Kalimah tadi diobah kana kalimah aktip, jadi ....

A.      Rudi nabeuh Rindik.

B.      Rudi ditabeuh Rindik.

C.      Rindik nabeuh Rudi.

D.     Rudi rindik di tabeuh

 

17.  Cai duwegan bisa nyageurkeun panyakit demam berdarah.

Kecap kasakit make rarangkén (imbuhan) ka-.

 

Kecap di handap anu teu maké rarangkén (imbuhan) ka-nyaéta….

A.    kabisa              

B.    kasebut            

C.    kacapi              

D.    Kabawa

 

18.  Baca sing titén!

Pa Ajip téh urang Sunda anu prestasina luar biasa. Sanés bohong disebat budayawan kahot téh, margi karya-karyana seueur pisan bari saraé ajénna. Prestasi Pa Ajip Rosidi dina widang basa sareng budaya kalintang punjulna. Salian ti jadi pangarang, anjeunna oge ngadosennan, ngadegkeun organisasi, ngayakeun hadiah sastra, ngadegkeun penerbitan,sareng ngayakeun rupu-rupi panalungtikan.Gagasan-gagasan Pa Ajip seueur mangfaatna pikeun basa sareng budaya Indonesia.Teu anéh upami Pa Ajip kénging gelar doctor honoris causa ti Universitas Padjadjaran.

Dumasar kana bacaan di luhur, Pa Ajip Rosidi kénging gelar…ti Universitas Padjadjaran.

A.    penerbit

B.    doktor honoris causa

C.    pangarang

D.    dosen

 

 

 

19.  Buuk kuring geus panjang pisan. Di salon

A.    Ngagebay

B.    Kotor

C.      Lempay

D.     Dicukur

 

20.  Nu moncorong nu dipoek

Malam saptu, wanci ngagayuh ka tengah peuting. Aka nyaringka hudangkeun ku sora tinggerendengna Ema jeung Bapa di tengah imah. Aka gigisik. Panonna rucang – riceng. Ret kana beker dina meja leutik di kamarna, kakarak tabuh 11 leuwih. Aka hudang muru ka tengah imah.

Harti/makna kecap Wanci, nyaéta  ....

A.      Siang

B.      Pagi

C.      Malam

D.     Waktu

 

Senén

Salasa

Rebo

Kemis

Bekasi

36 kg

1 kg

17 kg

        88 kg

Bandung

46 kg

1 kg

12 kg

2 kg

Jakarta

12.kg

90   kg

13 kg

100kg

 

21.  Hasil ngajual sampeu anu pang lobana dinapoé....

A.    Senén              

B.    Salasa              

C.    Rebo               

D.    Kemis

 

22.  Titénan kawih di handapieu!

 

Cinta Nusa

 

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam éndah héjo ngémploh sugih mukti

Subur tutuwuhan

Beughar pepelakan

….

 

Jumlahengangjeung sora tungtung padalisan kaempat, nyaéta ….

A.    6-a        

B.    12-i                 

C.    13-a                

D.    14-A

 

23.  Kalimah di handap ieu nu make rarangken pang- nyaeta ...

A.    Dadan panggih jeung Siti di kelas genep.

B.    Mangpaatkeun ari boga pangabisa teh!

C.    Pangku budak teh ngarah repeh!

D.    Abbah ngangge calana pangsi

 

24.  Anu sok ngubaran (mengobati) jalma gering disebut...

A.    Tukang dagang

B.    Patani

C.    Guru

D.    Dokter

 

25.  Mun minyak bumi terus-terusan ... lila-lila bakal beak.

Kecap anu luyu keur ngalengkeupan kalimah di luhur nyaeta ...

A.    Piceun

B.    Dihemat

C.    Disimpeun

D.    Dikeduk

 

26.  Ngagambar – murid – kelas – genep – keur

Susunan kecap anu merenah nyaeta ...

A.    Kelas genep murid keur ngagambar

B.    Keur ngagambar murid kelas genep

C.    Ngagambar murid keur kelas genep

D.    Murid kelas genep keur ngagambar

 

27.  Sapatu dibeuli ku Bapa.

Kalimah di luhur diobah kana kalimah aktip, jadi ….

A. Bapa dibeuli ku sapatu

B. Sapatu ku Bapa dibeuli

C. Bapa meuli sapatu

D. Sapatu meuli bapa

 

28.  Kecap batur ditambah rarangkén (imbuhan) ba-an, jadi .…

A.    baturan

B.    batur

C.    babatur

D.    babaturan

 

Baca sing titénguneman di handapieu!

 

Hirupsauyunan

 

Bara             :”Lan, rupina dinten ieu pamungkas abdi ameng sasarengan”

Wahyuni      : “Eééééh, naha kunaon?”

Bara                :”Numawi saatos ngabantun raport kanaékan kelas, abdi kedah ngalih sakolana ka Bandung, margi pun bapa dialihkeun tugasna”.

Wahyuni      :”Iih, engké abdi teu gaduh réréncangan ameng deui atuh”

Bara            : “Atuh kumaha deui,yun?” Ulah nagis, nya?”  “Engkéu pami aya waktos

Insyaallah pasti  dongkap ka dieu, teras urang tiasa ameng deui”.

Wahyuni      : ”Nyaatuh Bar, diantos”

 

 

 

29.  Kamana Bara ngalih sakolana? ...

A.    Jakarta

B.    Bekasi

C.    Bandung

D.    Surabaya

 

30.  Iraha Bara ngalih sakolana ? ...

A.    Numawi saatos sakola

B.    Numawi saatos ngabantun rapot

C.    Numawi saatos dialihkeun tugasna

D.    Numawi saatos ameng sasarengan

 

31.  ... pamandangan tiluhur pasir mani endah.

A. dahar                 

B. nenjo                 

C. nincak                

D. nginum

 

1.  Enggal dina indit-inditan

2.  Informasi teu ka saring

3.  Gampil nyumponan kaperluan

4.  Model pakéan teu sesuai jeung budaya Indonésia

5.  gampil meunang informasi

 

32.  Anu kaasup pangaruh positip tina globalisasi di nyaéta ....

A.    5,1,3                

B.    3,2,1                

C.    3,2,4                

D.    4,3,1

 

Baca bacaan di handapieu!

 

Cai Duwegan

 

Duwegan mah sohor téh lantaran rasa caina amis jeung matak seger kana awak. Dina cai duwegan ngandung pirang-pirang zat nu matak nyéhatkeun awak urang, mangpaatna ogé tangtu loba. Di antarana pikeun nganétralkeun peurah. Salian tiéta,bisa ogé dipaké ubar pikeun ngalancarkeun kahampangan. Lamun duwegan dicampuran ku cai sari jeruk sitrun bakal mangpaat pikeun ngurangan déhidrasi jeung ngubaran gangguan cacing.

 

33.  Naon mangpaatna lamun dawegan dicampur ku cai sari jeruk sitrum? ...

A.    Nganetralkeun peurah

B.    Ngalancarkeun kahampangan

C.    Ngurangan dehidrasi

D.    Seger kana awak

 

34.  Naon rasa cai duwegan? ...

A.    Pait

B.    Asin

C.    Hambar

D.    Amis

 

 

35.  Basa hormat “boga” keur batur ...

A.     Neda

B.      Nyarios

C.      Kagungan

D.     Gaduh

 

36.  arti 1945 adalah ...

A.     sarebu salapan ratus opatpuluh lima

B.      sarebu dalapan ratus opatpuluh lima

C.      sarebu salapan ratus opatpuluh

D.     sarebu salapan ratus limapuluh opat

 

Baca sing titén!

Pa Ajip téh urang Sunda anu prestasina luar biasa. Sanés bohong disebat budayawan kahot téh, margi karya-karyana seueur pisan bari saraé ajénna. Prestasi Pa Ajip Rosidi dina widang basa sareng budaya kalintang punjulna. Salian tijadi pangarang, anjeunna oge ngadosenan, ngadegkeun organisasi, ngayakeun hadiah sastra, ngadegkeun penerbitan,sareng ngayakeun rupu-rupi panalungtikan. Gagasan-gagasan Pa Ajip seueur mangfaat napikeun basa sareng budaya Indonesia. Teu anéh upami Pa Ajip kénging gelar doctor honoris causa ti Universitas Padjadjaran.

 

37.  Pa Ajip prestasina luar biasa, sok disebat ...

A.    Budayawan

B.    Karyawan

C.    Sastrawan

D.    Gelar doctor honoris

 

38.  Salain jadi pangarang, Pa Ajip oge jadi ...

A.    Budayawan

B.    Dosen

C.    Doctor

D.    Guru

 

39.  Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok disebutna ...

A.     Carita wayang

B.      Dongeng

C.      Sketsa

D.     Carpon

 

40.   Kecap nu ngandung rarangken tengah, nyaeta ...

A.     Kumaki

B.      Laleueur

C.      Gumading

D.     Barudak

 

 

 

 

II.              Kerjakan sesuai perintah!

 

41.  Tulis 5 (lima) conto makhluk hirup!

 

Andri             : “Assalamualaikumwarahmatullahhiwabarakatuh”

Pa Apud         : “Waalaikumsalam. Èh, Andri. Aya naon,  nya?  Mani rareuwas bapa

mah!”

Andri             : “Abdi sareng réréncangan aya kaperyogian ka Bapa!”

Pa Apud         : “Oh, sokatuh ka lalebet, ngarah nyalsè ngobrolna!”

Andri            : “Abdi sareng réréncangan dongkap kadieu bade wawancara sareng Bapa. Naha teu kaabotan?”

Pa Apud         : “Henteu, ngawawancara naon kitu?”

Andri             : “Èta Hoyong terang cara ngadamel kiripik sampeu!”

Rani              : “Muhun pa, abdi sareng rèrèncangan hoyong terang asal usulna.”

Pa Apud         : “Kieu dongéngna mah barudak, Taun 1990 daérah ieu téh masih

Mangrupa kebon sampeu. Kulantaran sampeu mah teu kuat lila, Ku

Bapa sampeuna dijieun kiripik.

Rani              : “Kumaha panghasilan tina usaha kiripik sampeutéh?Dipasarkeuna ka

mana waé?”

Pa Apud         : ”Nyalumayan baé,  bapa bisa nyakolakeun barudak. Dipasarkeuna ka

Pasar Kranji, Bantar Gebang, Kali Baru.' 

 

42.  Tulis kasimpulan guneman diluhur!

 

43.  Langlayangan keur diboro ku Adi” Robah kalimah pasif disamping jadi kalimah aktif!

 

44.  Jieun 2 kalimah pananya !

 

 

45.  Kuring indit ka sakola” (keur sorangan) robah kecap anu di garis bawah ka basa hormat!

 

 

Comments